Saméméh diumumkeun ku
Tien Wartini spk. taun 2010 dina bukuna ‘Tutur Bwana dan Empat Mantra Sunda
Kuna’ (wedalan Perpustakaan Nasional RI gawé bareng jeung Pusat Studi
Sunda), nu kungsi nyieun transliterasi, atawa copélna maca naskah Tutur Bwana
(koropak 620) téh kawasna ngan Pleyte jeung Noorduyn. Transliterasi Pleyte aya
dina pabetékanana nu dinomoran Plt. 7 peti 121. Ari Noorduyn kungsi ngutip
sabagian tina téksna dina artikelna nu dijudulan “Traces of an Old Sundanese
Ramayana Tradition” nu dimuat dina Jurnal Indonésia taun 1970. Koropak 620
kaasup kana koléksi Bandung, paméré ti bupati Bandung R.A.A. Wiranatakusumah IV
(1846-1874). Ditulis dina 40 lambaran daun lontar ukuran 37,8 x 3,1 cm. kiwari
naskahna nu ngan hiji-hijina téh diteundeun di Perpusnas, kalayan nomor koléksi
L 620 peti 86. Aksara jeung basana, Sunda buhun.
Tutur Bwana (kropak 620) koleksi Perpusnas – Dok. Aditia Gunawan
Eusina
Kawilang langka naskah
Sunda buhun nu ditulis dina wangun prosa bari eusina mangrupa carita naratif
téh. Karéréaan téks-téks Sunda buhun wangun prosa eusina mangrupa piwuruk
kaagamaan atawa paripolah étis ti sang guru ka muridna enggoning nyampurnakeun
papancén (darma)na di alam dunya. Bagian awal téks Tutur Bwana
nyaritakeun asal muasal diciptakeunana alam bwana. Sang Haro nyiptakeun eusi
bwana: beurang, peuting, jukut, tatangkalan, rungkun, lingga, batu candi, candi
beureum, candi bodas, nyieun pasir, nyieun hunyur, gunung. Cindekna,
dicaritakeun wiwitan sing sarwa nu ngawujud di alam dunya.
Hiji
waktu, endog suci (sang hyang hantiga) alam sajagat netes. Bubuleudna
jadi Batara Sang Hening Tunggal, héhérangna jadi Batara Guru, bobodasna jadi
Sang Darmajati, lapisan ipisna jadi Sang Balibungah (Nusia Awak Larang),
lapisan kandelna jadi Batara Tunggal. Lima déwata anu ngawasa alam dunia téh.
Batara Sang Hening Tunggal jeung Batara Guru aya di dunya pangluhurna, Sang Balibungah
jeung Batara Tunggal cicing di dunya handap, tengah-tengahna anegléng Sang
Darmajati. Ti dieu nuduhkeun yén lapisan alam dunya téh aya lima.
Caritana
mah museur dina dua tokoh: Sang Kalasakti, antagonis nu ngaburak-barik
kahyangan, jeung Sang Darmajati, protagonis. Duanana gé pada saktina. Sakur
pakarang Sang Kalasakti nu temahna ngaruksak ngalawan pakarang Sang Darmajati
nu mawatna tingtrim. Déwata nu pada-pada saktina, pada-pada sampurnana,
padungdung di kalang kahyangan. Nu sajati reujeung anu sajati. Suka jeung duka,
salamet jeung cilaka, hurip jeung pati; Darmajati jeung Kalasakti. Déwata nu
pada-pada saktina, pada sampurnana, padungdung di kalang kahyangan. Nu sajati
reujeung anu sajati. Suka ngalawan duka, salamet ngalawan cilaka, hurip ngalawan
pati; Darmajati ngalawan Kalasakti.
Tapi
Sang Darmajati lain déwata samanéa, kapan inyana anu dipihurip ku sakabéh.
Sabab Brahma, Wisnu, Isora, Mahadéwa, Siwah, Ludra, Sangkara, jeung Sambuh,
Darmajati nu ngajadikeun huripna. Yama, Baruna, Kowéra, Bésawarna, Darmajati
huripna. Buta, Yaksa, Picasa, katut sakur bangsa raksasa nya Darmajati nu
ngajadikeun huripna, pon kitu deui srangéngé, wulan, jeung akasa. Aya rujeung
henteuna, Darmajati hakékatna. Cindekna, Sang Darmajati wenang nutup hurip Sang
Kalasakti.
Adegan
Darmajati nelasan Kalasakti téh saenyana mah pinuh ku simbol. Kalasakti tiwas
ku sabab sapuluh lawangna (dora sapuluh) ditutup (dikancing). Dora
sapuluh téh taya lian dasa-indria, sapuluh indra manusa. Sajaba ti éta,
tilu poténsi nu teu ngawujud, nyaéta bayu ‘rénghap, tanaga’, sabda ‘ucap’
jeung hedap ‘pikiran, akal budi’ ogé dipeundeut. Kalasakti nepi ka
henteuna ku sabab leungiteun kabéh poténsi nu aya di unggal makhluk.
Tapi
Sang Kalasakti dihirupkeun deui ku Darmajati, sabab sang batara ngarasa yén
ayana Sang Kalasakti kacida pentingna pikeun kasaimbangan jagat. Ti dinya laju
dibukakeun dora sapuluh (sapuluh indra) katut dora tilu (rénghap,
ucap, pikir) Sang Kalasakti, nya mana neut hudang deui Batara Kalasakti. Sang
Darmajati unggah deui ka sang hyang manik nirmala suda malinglang,
nyayang dina patapanna, sang hyang rahaséa.
Kitu
kurang leuwihna caritana Tutur Bwana téh. Carita simbolis anu kacida matak
narikna ieu téh tangtu perelu disurahan leuwih jero pikeun meunangkeun gambaran
kosmologi Sunda buhun nu ceuk Jakob Sumarjo mah pinuh ku dualitas paradoksal.
Tina munculna ngaran tokoh utama Darmajati, nu teu kacatet minangka pantheon
nu holna ti India, nu murba astadewata (dalapan Déwa) nguatkeun anggapan
yén dina sistim kalungguhan ilahiah urang Sunda mangsa bihari, déwa-déwa nu
holna ti India téh kalungguhanana aya di sahandapeun Déwa Sunda.