Dasamala téh hartina méh sarua jeung dasakalésa (bagian 5 Sanghyang Sasana Maha Guru), nyaéta sapuluh ceda atawa sapuluh kaayaan kotor dina diri manusa. Dina téks-téks Sunda kuna nu lainna, biasana konsép dasamala téh sok disebutkeun babarengan jeung dasakalésa (upamana dina Séwaka Darma: 32 g-h). Ngan dina SSMG wungkul dasamala téh diwincik hiji-hiji. Dina téks Jawa Kuna Kuñjarakarna edisi Kern (1901), dasamala gé kungsi kacatet, ngan eusina aya nu béda jeung naon nu kaunggel dina SSMG. Babandinganna mah bisa ditingali di handap:
No
|
SSMG
|
Kuñjarakarna
|
1.
2.
3.
4.
5.
6.
7.
8.
9.
10.
|
sukta,
baya
tandri
kaléda
lanya
ragastri,
paladarah
baksya bwajñana
kutila
wiwéka
|
tandri,
kléda,
leja,
kuhaka,
metraya,
mégata,
ragastri,
kutila,
bhaksabhuwana,
kimburu
|
Sakabéh istilah-istilah nu kaunggel dina dasamala téh bisa dicukcruk kana basa Sansekerta, ngan palebah nerangkeun éta istilah basa Sansekerta téh ngagunakeun basa Sunda buhun. Boh dasakalésa atawa dasamala nuduhkeun yén dina abad ka-16 masarakat Sunda bihari leuwih katangén sipat budistis-na.
TEKS
Nihan ta muwah sinangguh dasamala ngaranya, nihan silwakanya:
“wigatah mala duken[1], kurwanti kusalah mahat,
gawayaken sutem citem, budi hiyeum maguh narakem,
Kananga taka ri kita, sami batang marakarma.
/siloka 2/
Yan datang ri kita, mara[g]karma, ngaranya: sukta, baya, tandri[2], kaléd[r]a, (laña), ragastri, paladarah, bak/12v/sya[3] bwajñana, kutila, wiwéka[4].
Ka: sukta ngaranya, beuki héés, kalipikeun[5] mitañakeun pirampéseun, deungeun na piutamaeunnana swarangan, kalipian miguna na ngeunah tineung, deung micarék na rampés di nu réya, yata sinangguh[6] sukta ngaranya.
Baya ngaranya, bwarang mitañakeun manéh, bwarang naña ja ngarasa[7] manéh kwalwat, bwarang micarék na rampés, yata baya ngaranya.
Tandri ngaranya, mumulan naña ja ngarasa manéh ireg, mumul miguna na ngeunah hdap deungeun micarék na rampés ka nu réya, ya tandri ngaranya.
Kaléda ngaranya, takut miguna na ngeunah tineung[8] ka nu réya, takut mitañakeun manéh, ya kaléda[9] ngaranya.
Laña ngaranya, supen naña ja ngarasa manéh ireg, supen bakti ja ngarasa manéh kwalwat, supen bakti ja ngarasa manéh beu(ng)har, /12r/ (ya)ta laña ngaranya.
Ragastri ngaranya, bwagwah dék suka swanita deung hayang dék beu(ng)har, ragastri ngaranya.
Paladarah ngaranya, hayang di rara hulanjar, astri larangan sakalih, ya paladarah ngaranya.
Baksya[10] bwa(j)ñana ngaranya, tan hana magaway hayu, ya bwa(j)ñana, nga, bwagwah ñatu, bwagwah nginum, deung hje(?) kéna kabeukina[11] dituwukan na sadrasa, yata baksya[12] bwa(j)ñana ngaranya.
Kutila wiwéka ngaranya, dimangké-mangké dék miguna na ngeunah[13] hdap deungeun micarék na rampés ka nu réya. Yata sinangguh dasamala ngaranya, ling sang pandita.
TARJAMAHAN
Ieu ogé nu disebut dasamala (sapuluh ceda). Nya ieu silokana:
“Indit tina kasangsaraan, nepika jadi jalma nu suci,
Milampah niat nu hadé. Budi goréng tempatna di naraka,
Anjeun lir ibarat kembang kananga, (jeung) catang sami nu katalangsara.
/siloka 2/
Sabab geus datang ka aranjeun, paripolah jahat, nu disebut: sukta, baya, tandri, kaléda, lanya, ragastri, paladarah, bak/12v/sya bwajñana, kutila, miwédéka.
Maksudna, nu disebut sukta (poho) téh, beuki héés, mopohokeun pikeun nanyakeun perkara nu mawa kahadéan, ogé dina perkara nu panghadéna pikeun dirina. Poho pikeun milampah hiji perkara kalawan pikiran nu alus, jeung ngomongkeun kahadéan ka jalma réa. Éta nu disebut sukta téh.
Baya (sieun) hartina, sieun tatanya ngeunaan kaayaan dirina sorangan, sieun tatanya sabab ngarasa dirina kolot, sieun nyarita perkara kahadéan, nya éta nu siebut baya téh.
Tandri (mumul) hartina, teu daék tatanya da ngarasa dirina bodo, mumul barang gawé kalawan niat nu hadé, kitu deui mumul nyarita perkara kahadéan ka nu lian, nya éta nu disebut tandri téh.
Kaléda (asa-asa) hartina, sieun milampah hiji perkara kalawan pikiran nu hadé ka nu lian, sieun nanya perkara dirina sorangan, nya éta nu disebut kaléda téh.
Lanya (sulit) hartina, hésé tatanya sabab ngarasa dirina bodo, hésé ngabakti tina rumasa dirina kolot, hésé ngabakti sabab rumasa dirina beunghar ku pakaya. Nya éta nu disebut lanya.
Ragastri (nafsu) hartina, kagégéloan ku wanoja, ogé upama hayang jadi jelma beunghar. Nya éta nu disebut ragastri.
Paladarah (nafsu ka awéwé) hartina, mikahayang awéwé nu geus dicangcang, pamajikan larangan batur, nya éta nu disebut paladarah téh.
Baksya bwajñana (nafsu kana kadaharan) hartina, teu daék milampah kahadéan, baksya bwajñana ngaranna. Beuki dahar, beuki nginum, tina sabab kabeukina wungkul kana dahareun nu sarwa ngeunah. Nya éta nu disebut baksya bwajñana téh.
Kutila wiwéka (kaputusan licik) kasebutna, diengké-engké upama rék milampah perkara nu hadé, ogé dina nyarita nu bener ka jalma lian. Nya éta nu disebut dasamala téh, ucap sang pandita.
KABEUNGHARAN KECAP
dasamala ‘sapuluh céda, sapuluh kaayaan kotor’
kurwanti meuseuh diri, sacara harfiah hartina ‘teu weléh begang, katutuluyan begang’, tina kuru jeung wanti.
kusala (Skt) kuśala ‘bener, murni, hadé’ (Z: 545)
mahat ‘jalma suci’ (Z 634)
sutem citem ‘haté nu hadé, hadé haté’
budi hiyeum ‘goréng budi’
narakem ‘naraka’
sami Skt ‘ngaran sarupaning tatangkalan nu kembangna beureum Prosopis spicigera (Z 1005)
marakarma Skt ‘katalangsara, cilaka’ (Z 653)
sukta ‘poho’, tarjamahan dumasar konteks.
baya Skt ‘sieun’ (Z 116)
tandri Skt ‘mumul, males’ (Z 1200)
kaléda Skt kleda ‘bingbang, asa-asa, teu panceg’ (Z 509)
laña ‘hésé’ tarjamahan dumasar kontéks, teu kapaluruh dina sumber.
ragastri ‘nafsu ka awéwé’ tina Skt raga ‘nafsu’ jeung stri Skt ‘awéwé’
paladarah Skt paradāra ‘pamajikan batur, jinah’ (Z 762)
baksya bwajñana ‘nafsu kana kadaharan’, bhaksya Skt ‘kadaharan’ (Z 98)
kutila wiwéka ‘kaputusan licik’ JwK ‘id.’
bwarang ‘sieun’, dina SdM nu dipikawanoh wangun rundayan borangan ‘sieunan’.
takut ‘sieun’, id. Mal.
supen ‘ngarasa sulit’ (Z 1152)
rara hulanjar ‘randa béngsrat’ SdM. Band. SSKK: VIII
sadrasa ‘kani’matan (dina kadaharan)’, id. JwK (Z 974), teu kapaluruh dina SdM.
dimangké-mangké ‘diengké-engké’, mangké ngandung harti ‘ayeuna’, ogé ‘engké’, bawirasa nu leuwih merenah dumasar kontéks mah harti ‘engké’, JwK ‘id.’ (Z 4: 651)
Katerangan
JwK = basa Jawa Kuna; Mal = basa Malayu; SdM = basa Sunda Modéren; Skt = basa Sansekerta; SSKK= Sanghyang Siksa Kandang Karesian (Danasasmita, spk., 1987); Z: Zoetmulder (Kamus Jawa Kuna-Indonesia, 2006).
Hanca
Aditia Gunawan