Dimuat dina Mangle No. 2092
Aditia Gunawan
Hadéna aya Noorduyn (pupus taun 1994), sarjana Walanda nu leukeun ngeusian luangna waktu ku nalungtik naskah Sunda buhun. Pamianganana mah Noorduyn téh diutus ku Nederlandsch Bijbel Genootschap (NBG, Jama’ah Alkitab Walanda) pikeun digawé di Sulawesi Kidul. Ngan satutas disertasina ngeunaan téks sajarah Bugis réngsé, anjeunna meunang pancén anyar: mantuan proyék révisi kana tarjamahan Alkitab Injil basa Sunda yasana Coolsma.
Keur kapentingan éta proyék, anjeunna dipaparin kasempetan nu salega-legana pikeun ngabaladah basa, sastra, katut sajarah Sunda, tangtuna pikeun jadi pangrojong tanggung jawabna téa. Tina éta hal jigana anjeunna macaan téks Sunda buhun téh, boh nu aya di Jakarta (Perpustakaan Nasional RI) boh nu di Bodleian, Inggris. Sakurang-kurangna aya tilu téks nu dibaca ku Noorduyn téh, nyaéta Para Putera Rama jeung Rahwana (RR), Pendakian Sri Ajnyana (SA), jeung Bujangga Manik (BM). Dua nu disebut mimiti mah naskahna kaasup koléksi Perpustakaan Nasional: RR dikodeuan kropak 1102, ari SA dikodeuan kropak 625. Demi Bujangga Manik mah, mangrupa koléksi Perpustakaan Bodleian di Inggris.
Naskah Sri Ajnyana
Naskah Sri Ajnyana (SA) taun 2006 dimumkeunna ku A. Teeuw, nu nuluykeun hanca garapan Noorduyn nu kabujeng dipundut ku Nu Kagungan. Hanca garapan Noorduyn kana naskah SA nu ‘teu kungsi kalisankeun’ téh ngawujud draft tulisan anu eusina aya dua rupa. Nu kahiji, draft transliterasi jeung tarjamahan dina basa Walanda nu can lengkep katut sawatara catetan jeung rujukan. Demi nu kadua mah, transliterasi jeung tarjamahan dina basa Inggris nu geus lengkep, tapi can dieuyeuban ku catetan tarjamahan katut analisisna. Éta hancana nu can réngsé pisan téh dituluykeun ku Prof. A. Teeuw, nepi ka ngajanggélék jadi buku “Three Old Sundanese Poem” wedalan KITLV.
Dina éta buku aya catetan, yén naskah SA (kropak 625) téh teu kapaluruh deui raratanana dina koléksi Jakarta. Nu nyebutkeun ieu naskah ‘leungit’ téh tangtu A. Teeuw, sabab jigana Teeuw teu maluruh sacara langsung ka Perpustakaan Nasional RI (PNRI). Saupama Teeuw maluruh kropak 625 ngagunakeun katalog-katalog naskah koléksi PNRI, tangtu bakal hésé kapanggihna. Dina katalog susunan suwargina Bapa Edi S. Ekadjati (1988), naskah SA téh teu didaptarkeun. Jigana, naskah SA teu kadaptar dina Katalog Sunda yasana Pa Edi téh, alatan ieu naskah diteundeunna pacampur jeung naskah-naskah lontar nu ti Jawa jeung Bali (peti 88), henteu dina peti naskah-naskah Sunda buhun sakumaha ilaharna (peti 15 jeung 16). Nu ngadaptarkeun naskah ieu mah ukur Behrend dina Katalog Naskah-naskah Nusantara Jilid 4: Koléksi PNRI (1998) jeung sténsilan daftar naskah nu disusun ku PNRI. Tapi dina dua katalog éta mah, kropak 625 téh dijudulan Serat Pangruwatan, turta cenah ditulis maké aksara tur bahasa Bali.
Sanggeus disalusur kana petina, singhoréng naskah nu dijudulan Serat Pangruwatan dina katalog Behrend téh nyaéta naskah SA. Aksarana atra pisan, Sunda buhun. Dibaca hareupna saliwatan nu unina: ‘sakit geui ngareungeuheun, cicing hanteu dék matingtim, jst.’ leuwih ngayakinkeun nu nulis yén ieu naskah téh eusina téks SA. Kropak 625 ditulis dina daun lontar ukuran 28 x 3,2 cm., kandelna 27 lambar, 4 jajar unggal lambar, aksara jeung basana mah, Sunda buhun. Dina téksna mah taya judulan. Judul ‘Lalampahan Sri Ajnyana’ diusulkeun ku Noorduyn jeung Teeuw, dumasar kana ngaran tokoh utamana. Dumasar laporan purbakala nu disusun N.J. Krom jeung F.D.K. Bosch (1914) jeung Notulen Bataviaasch Genootschap (1875) mah, naskah SA téh pamasihan bupati Bandung Wiranatakusumah IV (1846-1874). Dina éta laporan kacatet yén koropak 620 nepi ka koropak 626 téh meunang ngumpulkeun Bupati Bandung. Ti wewengkon mana naskah téh dikumpulkeun ku Bupati Bandung, can kapaluruh, ngan jigana mah ti wewengkon kabuyutan nu aya di Priangan.
Naskah SA téh naskah nu kawilang penting, da nepi ka kiwari ngan kapanggih hiji naskah atawa can kapanggih salinanana. Jadi, saupama kajadian éta naskah téh leungit, mana teuing ngenesna. Kapunjulan eusining caritana mah bisa ditingali dina bukuna Teeuw jeung Noorduyn nu disebutkeun di luhur.
Ilang tanpa Karana
Éta mah béja pikabungaheunana. Pikasediheunana mah, tina 63 naskah nu aya di PNRI téh, lima di antarana ilang tanpa karana. Duka naon sababna, duka saha nu gaduh hadasna. Naskah anu ceuk lagu Mang Koko mah ‘ngahiang duka ka mana’ téh nya éta KBG 74 (Waruga Guru) L 410 (Ratu Pakuan), L 411 (Ratu Pakuan), L 419 (Kawih Paningkes), jeung L 639 (Serat Buana Pitu). Nu perlu dicatet, naskah nu ditataan di luhur téh, hadéna deui baé, kungsi ditalungtik. Teu kabayang mun seug éta naskah téh can katalungtik, lapur tah catetan titipan ti karuhun téh. Bujangga Manik geus ngélingan perkara ieu téh, cenah gé: “Tehering nanjeurkeun lingga, tehering nyian hareca, teher nyian sakakala. Ini tu(n)jukeun sakalih, tu(n)jukeun ku na pa(n)deuri.” (Laju ngadegkeun lingga, laju nyieun arca, laju nyieun tanda pangéling-éling. Ieu téh tuduhkeuneun ka jalma réa, tuduhkeuneun ka jalma isuk jaga) (baris 1286-1291).
Ku disebutkeunana naskah ‘leungit’ atawa teu kapanggih deui dina tempat nu samistina téh tangtu lain pasualan énténg, sumawonna lamun naskah dianggap sumber sajarah mah. Kapan ngan sakitu-kituna naskah Sunda buhun titinggal karuhun téh. Kumaha mun baring supagi anak-incu téh panasaran, aya hojah hayang maca naskah? Leungitna naskah Sunda (buhun) téh sarua jeung leungitna tapak nu jadi tuduh jalan pikeun panaratas sangkan nepi ka tempat nu dituju, jati dirina. Jadi ras kana jargon UNDEP 1978: “Alam dunya téh lain warisan karuhun, tapi titipan anak incu”. Mun kecap ‘alam dunya’-na diganti ku kecap ‘naskah’, turta dima’naan ku nu boga tanggung jawab ngajagana, asana mah moal kajadian aya naskah anu ilang tanpa karana téh.
Nu nulis, filolog, kurator naskah Sunda di Perpustakaan Nasional RI