Durgi atawa Durga téh déwi satungkebing alam. Batari Durga dipuja ku nu nulis pikeun ménta panangtayungan. Dina kitab Mahābhārata Déwi Durga ogé sababaraha kali némbongan, di antarana nalika Durga méré anugerah ka para Pandawa nalika nyamur di kota Wirata (Wirataparwa VI), jeung nalika Arjuna jeung Kresna muja ka Déwi Durga méméh perang Bhāratayudha (Bhismaparwa XXIII).
Demi Swaraswati (Saraswati) téh déwi pangaweruh jeung kawijaksanaan dina kapercayaan Hindu. Dina kitab-kitab Purana, déwi Saraswati téh saktina (pamajikanna) déwa Brahma. Rupana déwi Saraswati geulis, kulitna beresih, sipatna daréhdéh deuih. Raksukan nu dianggona sarwa bodas ngaplak bari lungguh dina kembang padma (taraté) . Pananganna aya opat, masing-masing nyepengan: wina (kacapi), aksamala (tasbéh), damaru (kendang leutik) jeung pustaka (buku/koropak lontar).
Dina bagian manggala ieu aya catetan penting patali jeung kalungguhan nu nulis jeung nu maca. Tina kalimah “tinulis dé sang pandita, pinaca dé sang apunggung” (ditulis ku pandita dibaca ku nu teu ngarti/bodo) katitén yén ieu karya téh ditulis ku sang pandita pikeun sang apunggung sangkan nambahan pangaweruhna. Diwuwuhan ku ungkara winaleran dé sang kawi (diuger ku sang kawi/bujangga). Kecap winaleran ngandung harti pasif ‘diwatesan, diuger’, naha nu dimaksud téh sang kawi boga pancén nganggit hiji karya kana wangun ‘puisi kauger’?
TEKS
Niha/6r/ n kayatna-yatna sang séwaka darma, pawuitan sanghya(ng) sastra, mala murtinya nguni, katekan mangké.
Ndah ta pawuitan sanghya(ng) sastra. Nihan lwirnya: sasurup sanghya(ng) sriwar Aditya, gumenti sanghya(ng) ratri (Nskh: ratsi). Trepti treptwa pagawé wéwa laksana. Tatwa kala Batari Durgi.
A(ng)regu ta jantra Sri Batara Gana, sina(m)buratkeun ri(ng) manusa madyapada, matemahan ta ya gebang lawan lwa(n)tar, tipuk diwasa pupus gebang lawan lwa(n)tar. Tinut pinada pada, lwané lawan dawané, tinitisan asta gangga wira tanu.
Apa ta sinangguh (asta) gangga wira tanu? Asta ngaraning tangan, gangga ngaraning bañu, wira ta ngaraning panurat lawan panuli, tanu ngaraning mangsi. Tinulis dé sa(ng) pandita, pinaca dé sang apunggung /6v/ tambah uni uningana, winaleran dé sang kawi.
Nguniwéh cinaritakeun ta dasapurwa.
ONG Swaraswati Tarajñana Cintamanik! Katuna ma ta na bayu, pamutyan Batara Guru, batara sang sida panta titira lemah, sang sida pandata tita(h) ring langit, Kusika Garga Méstri Purusya Pata(ñ)jala, mwang bayu sabda hdap, nguniwéh ikang sang manwan, apan sang hya(ng) itung ika.
TARJAMAHAN
Ieu nu kudu diperhatikeun ku nu ngabdi kana darma, asal usul tulisan suci, wangun cedana ti baheula, nepi ka kiwari.
Nya ieu asal usul tulisan suci téh. Ieu sasaruaanana: sasurupna panon poé, digantikeun ku peuting. Ngarasa sugema tur bagja sabab sagala pancén bisa kalaksanakeun. Hakékat waktu (anugerah ti ) Batari Durgi.
Hasil tina benduna Sri Batara Gana, nu nyalabarkeun manusa di madyapada. Ngajadikeun gebang jeung lontar, ngajadikeun témbong waktuna pupus, gebang katut lontar. Dituturkeun tur diturutan, rubakna katut panjangna, dititisan asta gangga wira tanu.
Naon saenyana asta gangga wira tanu téh? Asta hartina leungeun, gangga hartina cai, wira hartina kalam jeung koas, tanu hartina mangsi. Ditulis ku sang pandita, dibaca ku nu bodo (sangkan) nambahan pangaweruhna, diuger ku sang kawi (bujangga).
Saperkara dicaritakeun dasapurwa (sapuluh awal).
ONG Swaraswati Tarajñana sang mutiara pikiran! Kakurangan ayana dina tanaga. Tempat mutiara (ayana di) Batara Guru, batara ti golongan nu sampurna utusan lemah, sang pandita nu sampurna utusan langit: Kusika, Garga, Méstri, Purusya, Patanjala; ogé bayu (napas), sabda (ucap), jeung hedap (pikiran); kitu deui Sang Manon (Nu Maha Ningali), sabab Anjeunna nu nyieun balitungan.
KABEUNGHARAN KECAP
• pawuitan ‘asal-muasal’ = wwit JwK (Z 1481) atawa wiwit SdM.
• sastra ‘tulisan, teks’ = JwK (II. Z 1052).
• mala ‘céda, kotor’ = Skt & JwK (Z 638) SdM mamala ‘cilaka’. nu dimaksud ceda dina konteks ieu nyaéta ceda dina tulisan (alatan mangsi jst).
• murtinya = murti + nya = ‘wujud (jasmani) na’
• nguni nuduhkeun waktu nu geus kaliwat ‘tadi at. baheula’ dina konteks kalimah nu leuwih merenah harti ‘baheula’
• katekan = teka + [ka- -n] ’nepi ka’
• mangké ‘kiwari, ayeuna’. dina SdM mah – hartina ‘engké’, lain ayeuna.
• lwirnya tina lwir + nya = ‘sasaruaan’ = JwK (Z 622)
• sasurup ‘(sanggeusna) surup’ = SdM & JwK (Z 1158)
• sriwar Aditya tina sri ‘cahya’ + wara ‘anugerah’ + aditya ‘panon poé’ — ‘panon poé nu méré cahya jeung anugerah’
• gumenti = genti + -um- = ‘ngaganti’. Dina SdM kecap genti kalawan rarangkén tengah –um- henteu ilahar.
• ratri ‘peuting’ = Skt & JwK rātri (Z 931). Teu kapaluruh dina SdM.
• trepti ‘sugema, bagja’ – treptwa hartina éta-éta kénéh. treptwa dina Skt trepta (Z 1273).
• pagawé ‘pancén, pagawéan’
• wéwa ?
• laksana ‘cumpon, laksana’ = SdM
• tatwa ‘hakékat’, dina JwK katattwan ‘hakékat abstrak tina objek konkrit’ (Z 1233)
• kala (Skt) ‘waktu’
• angregu ‘ambek’ = JwK (Z 936)
• sinamburatkeun = samburat + -in- ‘nyalabarkeun’ = JwK
• madyapada ‘buana tengah, alam dunia’
• matemahan ‘ngabalukarkeun’. SdM temahna ‘balukarna’.
• gebang ‘gebang’ Corypa gebanga, ngaran tatangkalan sarupaning palem.
• lawan (panyambung) ‘jeung, kalawan’.
• lwantar ‘lontar’ (Borassis flabelliformis). Kecap lontar jeung taal babarengan digunakeun dina téks. Naha kecap lontar éta mangrupa métatésis tina ron taal?
• tipuk ‘muncul, témbong’ JwK tapuk? (Z 1213)
• diwasa ‘waktu’ = Skt & JwK (Z 221).
• pupus ‘daun cau?’ (Z 882)
• tinut = tut + -in- ‘dituturkeun, dibarengan’
• pinada-pada ‘disaruaan, diturutan’ (Z 725)
• lwané jigana tina lwa = JwK ‘lega, rubak’ (Z 605)
• dawané jigana tina dawa = JwK ‘panjang (ukuran ruang jeung waktu) (Z 204)
• tinitisan passif ‘dititisan (ku)’
• asta Skt ‘leungeun’ = SdM & JwK (Z 341)
• gangga Skt ‘cai’ (Z 274)
• wira Skt ‘wani(an), pahlawan’, patalina jeung kalam katut koas rada teu kaharti.
• tanu ‘tulisan, surat’ = JwK (Z 1203)
• apa ‘naon’ = Mal & JwK
• tangan ‘leungeun’ = Mal & JwK
• bañu (Skt) ‘cai’
• panurat ‘kalam’ = JwK
• panuli ‘koas, alat tulis’ = JwK (Z 747)
• mangsi ‘mangsi’ = SdM
• tinulis (pass) ‘ditulis’
• dé ‘ku’ tina JwK
• pinaca (pass) ‘dibaca’ naha tina kecap maca? Ku sabab kapanggih kecap sang amaca.
• apunggung ‘bodo, belet, teu ngarti’ = JwK (Z 879)
• tambah ‘tambah, nambahan’ = SdM
• uni ‘sora, eusi’, dina konteks ieu jigana hartina ‘eusi’ = JwK & SdM
• uningana ‘pangaweruhna’ = uninga SdM
• winaleran (pass) diwatesan = JwK. Dina SdM waler ‘jawab’
• sang kawi ‘bujangga, panyajak’ = JwK
• cinaritakeun tina carita[-keun] + -in- ‘dicaritakeun’
• dasapurwa (Skt) ‘sapuluh awal’
• Swaraswati ‘Déwi Pangaweruh’
• Tarajñana tina Tara ‘ngaran déwi (istri Budha)+ jñana (pangaweruh)’
• cintamanik Skt cintāmaņi ‘mutiara pikiran’
• katuna (Skt) ‘kakurangan, kahéngkéran’ = SdM & JwK (Z 1293)
• pamutyan ‘tempat mutiara’ mutya (Skt) ‘mutiara’
• sida ‘sampurna’
• panta ‘golongan, kelompok’ = JwK & SdM. Dina SdM dipikawanoh wangun rajékan panta-panta.
• lemah ‘taneuh’ = JwK & SdM
• titah ‘utusan, paréntah’ = JwK & SdM
• mwang (panyambung) ‘jeung, kaasup’ = JwK. Teu kapanggih dina SdM.
• bayu ‘napas, tanaga’
• sabda ‘ucap, ucapan’
• hdap ‘pikiran’
• nguniwéh ‘kitu deui, kitu ogé’
• Sang Manwan ‘Nu Maha Ningali’
• apan ‘sabab, ku sabab’ = JwK
• itung ‘itung’ = SdM
• ika (panuduh) ‘itu, éta’
Kat: SdM = Sunda Modéren (basa)– JwK=Jawa Kuna (basa)– Skt=Sangskreta (basa)–Mal=Malayu (basa) – Z = Zoetmulder (Kamus Jawa Kuna Indonesia, 2006) – pass (passif)
hanca