Afiksasi (ngararangkénan)
Basa Sunda mibanda 32 wangun rarangkén pikeun ngawangun hiji kecap rundayan nu dibagi kana opat rupa nyaéta;
- 18 Rarangkén hareup (préfiks)
- 3 rarangkén tengah (infiks)
- 6 rarangkén tukang (sufiks)
- 13 rarangkén barung (konfiks)
Dina morfologi basa Sunda, pikeun ngarucat hiji kecap rudayan carana nya éta dipisahkeun heula kecap dasarna tuluy dipenggel engangna.
Contona:
dicarékan
di-an + carék (ca-rék)
engangna jadi: di-ca-rék-an
tulisan
-an + tulis (tu-lis)
Engangna jadi: tu-lis-an
Alatan aksara Sunda mah wangunna silabik, hukum di luhur kadangkala teu dipake.
Contona (lolobana dina rarangkén tukang):
Méteran
Hukum morfologi (aksara latén) : -an+ méter (mé-ter) –> mé-ter-an
Aksara Sunda : silabik –> mé-te-ran
handapeun
Hukum morfologi (aksara latén) : -eun + handap (han-dap) –> han-dap-eun
Aksara Sunda : silabik –> han-da-peun
Éta hal di luhur ogé aya patalnina jeung éfisiénsi nulis aksara Sunda, nyatana saumpama engang dina aksara Sunda sagemblengna tumut kana aturan baku prosés morfologis kecap basa Sunda dina aksara latén, tangtu bakal hambur karakter (teu éfisién) jeung rada bangga pikeun macana.
Kieu contona:
handapeun
hurup latén : han-dap-eun
ᮠᮔ᮪ᮓᮕ᮪ᮉᮔ᮪ (9 karakter)
Aksara Sunda: han-da-peun
ᮠᮔ᮪ᮓᮕᮩᮔ᮪ (8 karakter)
Najan kitu, aya ogé kecap dina wangun aksara Sunda anu bisa dirucat maké prosés morfologis kecap dina aksra latén, nya éta kecap rundayan anu unggal ahir kecap dasarna diwangun ku hurup /r/, /ng/ atawa /h/ ditulis maké pangwirahma /-r/ (panglayar), /-ng/ (panyecek) jeung /-h/ (pangwisad).
Contona:
Kampung; Kampungan –> kam-pung-an
ᮊᮙ᮪ᮕᮥᮀᮃᮔ᮪ (9 karakter)
Dahar; Dahareun –> da-har-eun
ᮓᮠᮁᮉᮔ᮪ (6 karakter)
Ngan, simkuring pribadi mah leuwih payus maké wangun engang vérsi “Morfologi Aksara Sunda”.
Jadi, kecap:
kampungan dirucatna kam-pu-ngan
ᮊᮙ᮪ᮕᮥᮍᮔ᮪ (8 karakter),
jeung, kecap;
dahareun dirucatna da-ha-reun
ᮓᮠᮛᮩᮔ᮪ (6 karakter).
Sabab salian ti nyumponan éfisiénsi nulis, ogé rélatif leuwih gampil macana deuih.
Lamun kitu, mending kénéh kumaha atuh nulisna?
ᮠᮔ᮪ᮓᮕ᮪ᮉᮔ᮪ (9 karakter) atawa ᮠᮔ᮪ᮓᮕᮩᮔ᮪ (8 karakter)
ᮊᮙ᮪ᮕᮥᮀᮃᮔ᮪ (9 karakter) atawa ᮊᮙ᮪ᮕᮥᮍᮔ᮪ (8 karakter)
catetan: mungkin teu sakumna kitu alatan tacan kapaluruh.
Sumangga, diwangsulkeun deui kana pamadeganana séwang-séwangan ari éta mah.