Éfisiénsi Nulis
Nu dimaksud di dieu nya éta kaéféktifan dipakéna aksara dina kecap atawa kalimah tiap barisna. Aksara Sunda nyatana mibanda aksara swara mandiri, ngalagena, panyora, pangwirahma jeung pangwilang (angka). kecap dina aksara Sunda diwangun ku rupa-rupa kombinasi aksara pikeun ngawakilan sora basa. Éta Kombinasi-kombinasi aksara téh sabisa mungkin dipaké kalawan éféktif (teu hambur) nu antukna bisa ngahémat rohangan tulis jeung ngagampilkeun macana.
bandingkeun kecap ieu di handap:
angklung
Bisa ditulis ᮃᮍ᮪ᮊ᮪ᮜᮥᮍ᮪ atawa ᮃᮀᮊᮣᮥᮀ
Tangtu nu leuwih basajan cara nulisna nya éta nu kadua sabab teu pati hambur tempat nulisna. Di dieu pisan karasana mangpaat pangwirahma téh, jadi teu ngandelkeun pamaéh hungkul.
Aksara anu aya gantina ku pangwirahma nya éta -r, -ng, -h, -l-, -r-, jeung –y-
Contona dina kecap-kecap:
Dahar –>ᮓᮠᮁ
Bandung –>ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ
Butuh –>ᮘᮥᮒᮥᮂ
Mabra –>ᮙᮘᮢ
Angklung –>ᮃᮀᮊᮣᮥᮀ
mubyar –>ᮙᮥᮘᮡᮁ
iwal ti aksara nu aya gantina dina pangwirahma (conto di luhur), aksara ngalagena séjénna mah ngan saukur maké pamaéh baé.
Contona:
Budak –> ᮘᮥᮓᮊ᮪
Kuntul –> ᮊᮥᮔ᮪ᮒᮥᮜ᮪
Bentus –> ᮘᮨᮔ᮪ᮒᮥᮞ᮪
Banten –> ᮘᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪
Engang (suku kecap)
Engang nya éta suku-kecap anu jadina sababaraha aksara; kecap hayam aya dua engang nyaéta “ha” jeung ”yam”; kecap baréto aya tilu engang, nyaéta “ba”, “ré” jeung “to” (Danadibrata:2006)
Nangtukeun Engang
Pikeun nangtukeun kumaha suku kecap dina aksara sunda, nu jadi babandingan nya ėta wangun suku kecap basa Sunda umumna. Tapi pikeun babonna mah bisa nyepeng kana pedaran numutkeun Palanggeran Ejahan Basa Sunda kiwari.
Contona:
Aya warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng
a-ya wa-rung si-si ja-lan ra-mé pi-san, Ci-ta-méng
Engang dina aksara Sunda mibanda komposisi aksara, diantarana:
A. Aksara Swara
1) Aksara Swara Mandiri (ᮃ, ᮄ, ᮅ,ᮆ, ᮇ, ᮉ, ᮈ>
Contona engang;
‘a’ dina kecap ‘aa’ jeung ‘dua’ –>ᮃᮃ, ᮓᮥᮃ
‘I’ dina kecap ‘cai’ jeung ‘imah’ –> ᮎᮄ, ᮄᮙᮂ
Jsté.
2) Aksara Swara+pangwirahma (ᮃᮁ, ᮃᮀ, ᮄᮀ, jsté)
Contona engang;
‘ar’ dina kecap ‘guar’ –> ᮌᮥᮃᮁ
‘ang’ dina kecap ‘tuang’ –> ᮒᮥᮃᮀ
‘ing’ dina kecap ‘suing’ –> ᮞᮥᮄᮀ
Jsté.
B. Aksara Ngalagena
1) Ngalagena mandiri (ᮊ, ᮌ, ᮍ, jsté)
Contona engang;
‘ka’ dina kecap ‘buka’ –> ᮘᮥᮊ
‘ga’ dina kecap ‘gagabah’ –> ᮌᮌᮘᮂ
‘nga’ dina kecap ‘ngadu’ –>ᮍᮓᮥ
Jsté.
2) Ngalagena+panyora ( ᮊᮤ, ᮊᮥ, ᮊᮦ, jsté)
Contona engang;
‘ki’ jeung ‘ri’ dina kecap ’kiwari’–> ᮊᮤᮝᮛᮤ
‘ku’ jeung ‘li’ dina kecap ‘kuli’ –> ᮊᮥᮜᮤ
‘bu’ jeung ‘di’ dina kecap ‘budi’ –> ᮘᮥᮓᮤ
Jsté.
3) Ngalagena+pangwirahma (ᮊᮨ, ᮌᮀ, ᮊᮢ, jsté)
Contona engang;
‘bang’ jeung ‘kar’ dina kecap ‘bangkar’ –> ᮘᮀᮊᮁ
‘lang’ dina kecap ‘halang’ –> ᮠᮜᮀ
‘kra’ dina kecap ‘cakra’ –> ᮎᮊᮢ
jsté
4) Ngalagena+panyora+pangwirahma (ᮊᮥᮀ, ᮜᮤᮀ, ᮓᮩᮁ, jsté.)
Contona engang;
‘kung’ dina kecap ‘kangkung’ –> ᮊᮀᮊᮥᮀ
‘ling’ dina kecap ‘suling’ –>ᮞᮥᮜᮤᮀ
‘deur’ dina kecap ‘badeur’ –> ᮘᮓᮩᮁ
jsté.
5) Ngalagena+panyora+dwiwirahma (ᮊᮣᮥᮀ, ᮘᮢᮤᮀ, ᮕᮢᮥᮀ, jsté.)
Contona engang;
‘klung’ dina kecap ‘angklung’ –> ᮃᮀᮊᮣᮥᮀ
‘bring’ dina kecap ‘ngabring’ –> ᮍᮘᮢᮤᮀ
‘prung’ dina kecap ‘mangprung’ –> ᮙᮀᮕᮢᮥᮀ
jsté.
Wangun-wangun aksara ngalagena ‘paéh’ iwal ti aksara nu aya gantina dina pangwirahma sakumaha conto di luhur, ngan saukur maké pamaéh baé (…᮪).
Contona engang;
‘dak’ dina kecap ‘budak’ –> ᮘᮥᮓᮊ᮪
‘kun’ jeung ‘tul’ dina kecap ‘kuntul’ –>ᮊᮥᮔ᮪ᮒᮥᮜ᮪
‘ben’ jeung ‘tus’ dina kecap ‘bentus’ –> ᮘᮨᮔ᮪ᮒᮥᮞ᮪
‘ban’ jeung ‘ten’ dina kecap ‘banten’ –> ᮘᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪
Jsté.