Ku Ilham Nurwansah

Éta nu kaunggel dina jejer ieu tulisan téh mangrupa salahsahiji éksprési dina poster ti para mahasiswa jurusan Basa jeung Sastra Sunda UPI nalika aksi damai helaran ngurilingan kampus. Éta kagiatan téh aya dina sajeroning rangkéan acara miéling Poé Basa Indung Internasional 2010 (international mother tongue day). Sakumna mahasiswa ti Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Daerah (baca: Sunda) UPI, ngayakeun aksi turun ka jalan mangrupa helaran bari mawa poster nu eusina slogan-slogan pikeun maké basa Sunda dina sagala widang kahirupan boh pagaulan, pagawéan, média jrrd. di lingkungan kampus Bumi Siliwangi. Sasaran utamana nyaéta kaum nonoman anu kiwari katara geus rada éra maké basa Sunda, kitu sotéh alatan réa katingal jeung kapireng dina gaul sapopoéna. Najan kitu, para kolot jeung nu miboga rasa “rumasa urang Sunda” tangtu boga tanggungjawab nu gedé sangkan teu mopohokeun basa Sunda jeung ngajarkeun deui basa Sunda ka barudakna.
Dina aksina, mahasiswa Sunda nu kabeungkeut dina Himpunan Mahasiswa Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda téh umajak ka sakumna pangeusi kampus UPI boh mahasiswa boh pagawé boh dosén jsté. pikeun mikareueus jeung maké basa indungna, hartina, pikeun urang Sunda nya maké basa Sunda dina sapopoéna, urang Batak nya ku basa Batakna, Jawa ku Jawana, jeung kitu satuluyna. Lian ti éta, dina helaran anu diluluguan ku Kang Dadang Nasuha, pupuhu BEM HIMA Pensatrada ieu téh direuah-reuah ku tatabeuhan waditra Sunda kayaning keprak, kendang, calung, kenong, kempul jrrd. ogé mawa kukudaan (kuda lumping) minangka éksprési kareueus hususna kana budaya Sunda jeung umumna kana budaya nasional. Hal ieu anu matak bisa ngirut perhatian sing saha nu ningal ieu aksi. Ungal dina sela orasi diwuwuhan ku atraksi kayaning kukudaan, jajangkungan, oray-orayan, pérépét jéngkol jeung rupa-rupa kaulinan barudak lembur anu kiwari méh ilang kalindih ku kaulinan éléktronik.



Kagiatan ieu dirojong pinuh ku perangkat pingpinan Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda, nyatana dina ieu kagiatan téh dibarengan ku ibu Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd., sekretaris JPBD ti awal nepi ka ahir. Aksi helaran damé nu leuwih gedé baris diayakeun tanggal 21 Pébruari 2010, pas poé basa Indung pisan di jalan-jalan utama kota Bandung kalawan nyokot ruteu ti mimiti BIP nepi ka Gedung Saté. Mugia ieu kagiatan téh matak ngahudang deui masarakat Sunda hususna jeung masarakat sélér lian nu mibanda basa indungna séwang-séwangan pikeun maké basana kalawan dibarengan ku rasa reueus.**iNs
“Basa téh cicirén bangsa, mun ilang basana, tumpur bangsana”
Hurip Basa Sunda!