
Panalungtikan ku: Undang A. Darsa
Ieu panalungtikan téh mangrupa tésis Undang A. Darsa. Dina ieu panalungtikan, naskah nu ditalungtik téh aya tilu naskah, mangrupa koléksi Perpusnas nu dikodeuan L. 634, L. 637, jeung L. 638. Ieu naskah téh asalna koléksi JLA Brandes. Bahan naskah mangrupa daun
nipah “Nifa Fructicans”, sedeng aksara nu digunakeun nya éta aksara Buda.
Enas-enasna mah ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun méré suntingan téks Sang Hyang Hayu (SHH) nu siap baca tur bisa disawang minangka suntingan nu pang-otoratif-na, mulangkeun téks kana téks asal nu masih murni, leupas tina kasalahan salila prosés nyalin. Pamustunganana, ieu panalungtikan téh dipiharep boga ajén pikeun kamekaran panalungtikan naskah katut ngeuyeuban khasanah naskah Sunda Kuna dina mangsa saméméh Islam (Abad ka 18).
Anapon hal-hal nu perlu dikekentengan dina ieu panalungtikan téh ngawengku tilu perkara, antarana:
Kahiji, Aksara dina ieu naskah téh méh sarupa jeung aksara nu dipaké dina naskah Jawa kuna Kuñjarakarna (Mollen: 1983). Ieu aksara téh disebut aksara Buda atawa aksara Gunung. Kalawan alesan nu asup akal, Darsa ngabuktikeun yén aksara Buda dina mangsa produktifna digunakeun di wewengkon sabudeureun Jawa Tengah jeung Jawa Barat. Hartina, kasampak ayana hubungan antara puseur patapan di Jawa Barat jeung Jawa Tengah, samalah nepi ka Jawa Timur jeung Bali. Geura, mun seug dipatalikeun jeung Naskah Bujangga Manik nu digarap ku Noorduyn (1982).
Kadua, Katitén perkara kalungguhan bahasa Jawa Kuno dina khasanah Naskah Sunda. Dina naskah Bujangga Manik bisa katitén kumaha kalungguhan bahasa Jawa Kuno di Sunda mangsa harita. Bujangga Manik bawirasa ngawasa Basa Jawa jaman Majapahit, saperti nu ditétélakeunana:
“Téhér bisa carék Jawa, weruh dina eusi Tangtu, Aing bisa carék Jawa.”
Nya tuluy bisa nyarita (basa) Jawa, nyaho dina eusi Tangtu, Aing bisa nyarita basa Jawa.
Mun seug disurahan deui maksud omonganana, Bujangga Manik bangun ngarasa perlu diajar sarta bisa basa Jawa Kuno dina raraga nyuprih pangarti kana Bab eusi Tangtu (ajaran kaagamaan). Ku kituna, munasabah saupama dina naskah Sunda Kuno Pra Islam – nu eusina ilaharna mangrupa hal kaagamaan Siwa Budha – réa ngandung istilah-istilah kaagamaan dina basa Jawa Kuno; jeung
Katilu (ieu nu pangpentingna!), Undang A. Darsa méré suntingan naskah SHH nu siap Baca pikeun sing saha waé nu neundeun karep kana naskah Sunda Kuna, utamana dina jaman nalika ajaran Siwa Budha di masih jadi papagon urang Sunda di wewengkon Sunda.
-A. Gunawan-